07 Januari 2008

GOLEWANG


Siang Kembang, Kaka ulah eta

Siang kembang, Kaka ulah eta

Diseuseupan ku bincarung

Prit gandes Sang Golewang


Siang kembang, Genclang kahiang

Siang kembang, Genclang kahiang

Ngareujeungan karsa indung

Nu di mandala hiang


Siang kembang, Genclang alam padang

Siang kembang, Genclang alam padang

Marakbak baranang siang

Juringkang kuring jeung urang


Siang kembang, Urang keur ngumbara

Siang kembang, Urang keur ngumbara

Masieupan pada tangtung

Tangtung pamadegan


Siang kembang, Urang nu ngumbara

Siang kembang, Urang nu ngumbara

Dieunteupan ku gandrung

Kahayang kahariwang


Siang kembang, Urang keur karia

Siang kembang, Urang keur karia

Dihateupan ku karuhun

Yu deuheus ka nu tukang


Siang kembang, Urang keur misuka

Siang kembang, Urang keur misuka

Digeugeutan ku nyi indung

Sageugeus dangdan midang


Siang kembang, Urang nu nampa

Siang kembang, Urang nu nampa

Gelar patarema rasa

Sampurna sajatining Sunda



Catetan:

Saparantosna para rohaniwan miunjuk doa ku Gusti Nu Maha Tunggal, pupuhu ngucapkeun "Ucap Pangrajah" anu dipirig ku kawih ieu. Dina seren taun kamari, kawih ieu dilagukeun dina Pesta Dadung. Naon makna ieu kawih? Manawi aya nu bade babagi hasil lenyepanana, sumangga diantos pisan....

Tidak ada komentar: